Sabtu, 23 Maret 2013

tatarucingan sunda

kaca naon anu berat
kacalikan gajah

ucing ngendog kaciri naona
kaciri malingna

gajah ngapung kaciri naona
kaciri dehongna

naon bahasa jepangna "duit beak''
sakurata

naon bahasa cina na "terlas baseh"
lii cin

naon Bahasa arabna "gunung meletus"
Waas Bii tuu Naa

naon Bahasa jepangna ''botak''
mastakaanaa kari neekee

naon bahasa jepangna '' gundul''
Cuukur Rata

lemari naon nu bisa asup ka dompet
Lemaribu

kunaon tukang baso ngetok ngetok mangkok
ku sendok

tamu na di lebet , nu boga na diluar naon
Tukang becak

jus naon nu turun ti langit
justru eta aing tenyaho

sato naon anu hulu na lengen , badan na lengen , awak na lengen suku na lengen sato naon cik
Hayam di cekel

letik bodas ngapung cepet naon
remeh nempel na kapal terbang

Embe udud kaciri naona
kaciri meulina

Embe sare kaciri naona
kaciri kandangna (da lamun asup ka kandangna nya disuruduk)





hatur nuhun tos ningali blog ieu
By:akmal